TRIBUNJABAR.ID - Inilah lirik lagu Sunda Katumbiri.
Katumbiri adalah lagu Sunda populer yang dinyanyikan oleh Nisa Gasentra.
Jika Anda ingin menyanyikan lagu ini, berikut liriknya.
Lirik lagu Katumbiri
Katumbiri hujan poyan nutug leuwi
Natrat ngalangkangan jagat
Warna-warni katingal ti katebihan
Hurung ngempur
Melengkung lir kuwung-kuwung
Katumbiri silibna siloka diri
Widadari keur marandi
Di leuwi Cikahuripan
Anu hérang siloka bacaeun urang
Kaéndahan cahyana taya tandingna
Hurung mancur murub mubyar
Nyaangan sakabéh alam
Reff :
Katumbiri datangna teu saban wanci
Katumbiri warna-warni tujuh rupi
Katumbiri gambaran sosoca diri
Katumbiri pulas langit malih warni
Katumbiri hujan poyan nutug leuwi
Katumbiri warna-warni tujuh rupi
Katumbiri silokana widadari
Katumbiri éndah kersaning Yang Widi
Katumbiri hujan poyan nutug leuwi
Natrat ngalangkangan jagat
Warna-warni katingal ti katebihan
Hurung ngempur
Melengkung lir kuwung-kuwung
Katumbiri silibna siloka diri
Widadari keur marandi
Di leuwi Cikahuripan
Anu hérang siloka bacaeun urang
Kaéndahan cahyana taya tandingna
Hurung mancur murub mubyar
Nyaangan sakabéh alam
Reff :
Katumbiri datangna teu saban wanci
Katumbiri warna-warni tujuh rupi
Katumbiri gambaran sosoca diri
Katumbiri pulas langit malih warni
Katumbiri hujan poyan nutug leuwi
Katumbiri warna-warni tujuh rupi
Katumbiri silokana widadari
Katumbiri éndah kersaning Yang Widi
Katumbiri hujan poyan nutug leuwi
Natrat ngalangkangan jagat
Warna-warni katingal ti katebihan
Hurung ngempur
Melengkung lir kuwung-kuwung